salam pititi kulawargi
tos lami neng teu mosting di blog pasti rekan samua tanun gehla ka iroh gomes anu geulisna nyampe alaska *halah*
dear wargi tahukah kamyu bahwa neng iroh ayena can mandi ? jadi tong kaget lamun sabari maca postingan ieu rada bau-bau fresh care sampur hitut maklum neng keur asup angin dibalur fresh care terus kaluar hitut.
dan karena dua kali neng nyubut merk fresh care maka sakedeung deui neng bakal dibere duit sagepok ku agnes karena miluan ngapromokeun minyak caplang.
sodara sadulur jeung batur sakasur...
di twitter neng iroh teh boga girl band anu ngaranna SNSDOT nyaeta girlband tagonian anu anggotana kur opatan nyaeta:
ceu imel kumel alias ceu kokom tukang dagang bala-bala dibogor
ceu yunny mpon anu ngakuna mantan rafi ahmad kanyataanna mantan jajang nandar
*panci panci ngarapung*
ceu dara alias jala dara ngalinggamanik anu jomblo ti kuningan anu sok ngagegelan sendal lamun malam minggu.
dan tantu anu ka opat selena iroh gomes binti wa ohim change indungna mak ereh sukereh sok kokoreh dinu tangkal sereh.tah ieu penampakan SNSDOT teh
ngarti kan saha anggota anu panggelisna :p
tah ieu komik SNSDOT part ulang tahun mamang ivan kabogoh ceu imel
eta anu kasep ngaranna ustad okon admin neng iroh di FN facebook sayang ayena ustad okon kabanjiran disoreang jadi jarang mosting ti neng iroh :(
#prayforustokon
tah sakitu heula wae postingan ti iroh ke isuk mosting deui
babay
*ketjup menukik*
Tidak ada komentar:
Posting Komentar